Kamis, 14 Februari 2019

Tugas Basa Sunda: Conto Wawacan

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA        

 Gagak Lumayung

  Piunjuk Gagak Lumayung, "Kaulanun rama Gusti, sim abdi sanés teu niat, tobat teu ngémut rarabi, mung aya nu panasaran, ku abdi nu dipiati. Kieu anu dipiémut, siang atanapi wengi, taya sanés nu kacipta, abdi jadi Sénapati, perang henteu mendak lawan, sepi nu ngajadi tanding.
               Mung ayeuna perang buntu, teu aya lawanna deui, jadi alatan kapalang, tacan wareg ngabén jurit, kamana nyiar nu gagah, kanggé pitandingeun abdi.
Réh saémut abdi hirup, ti alit dugi birahi, can terang getih sorangan, sakitu nu dipiati, kumaha atuh akalna, milari nu gagah sakti.
               Réhing suwung anu pamuk, sepi nu sakti pinilih, anu gagah gé teu aya, milari sa-Pulo Jawi, téh kitu nu janten marga, anu mawi abdi runtik." Hémeng galih Kanjeng Ratu, sakedapan henteu muni, wekasan nyaur Dén Patya, miwarang milari Resi, para Ajar nu koncara, kelun Nujum nu waracis.
               Maksad badé neda tulung, torah dimana nu sakti, pilawaneun Radén Putra, harita Dén Patih amit, medal ti payuneun Raja, kebat nyiar nujum sidik.
Ka anu jauh dijugjug, ka nu tarebih disungsi, énggalna lampah Dén Patya, tugas parantos tarapti, anu waracis darongkap, dideuheuskeun ka Sang Aji.
               Sujud nyembah para Nujum, bingah Prabu Siliwangi, harita kénéh mariksa, "Bagja sadayana sumping, pangna andika diala, kaula rék merih pati.
               Geura torah mangka weruh, ieu sawewengkon Jawi, dikira saha jalmana, nu patut ngayonan juru, nu saimbangan gagahna, nu tanding jeung anak kami.          
               Ka Radén Gagak Lumayung, geura unjukkeun ka kami, pok kadinyah ulah éra, atawa gimir wawarti, sab kaula panasaran, hayang manggih tanding jurit."
               Tungkul sadaya pra Nujum, sami ngémut lebet galih, ngahuleng teu sasauran, réh sesah badé wawarti, badé unjukan waregah, réh teu aya tanding deui.
Kocap aya hiji Nujum, ngiring campur nyiliwuri, henteu manon jeung nu réa, Malaikat salin rupi, badé ngantunkeun lantaran, pok unjukan aki-aki.
               "Kulanun dawuh Sang Ratu, menggah émutan sim abdi, ngoréhan di Pulo Jawa, tangtos moal aya tanding, anu gagah téh mung putra, sakti manggulang-mangguling
Aya ogé kaulanun, pitandingeun putra Gusti, mung sanés di Pulo Jawa, aya di Mekah nagari, wastana Ali Murtada, Bagénda Ali bin Tolib.
               Mung tebihna sakalangkung, ayana di Puseur Bumi, nya éta di nagri Arab, tah ieu mah tangtos tanding, pilawaneunnana putra, tangtos ramé ngabén jurit.
Itu ieu tacan tangtu, anu unggul apes jurit, duka mana anu kalah, mung tangtos ka dinya tanding, sakitu abdi unjukan." Bingah Prabu Siliwangi.

0 komentar:

 

Pedagogik Template by Ipietoon Cute Blog Design